Wasiat Takwa (B. Sunda)


Teu aya bekel anu langkung utami pikeun hirup urang di alam dunia anu ngan sakeudeung menuju ka alam ahérat anu langgeng salian ti takwa. Alloh ngadawuh, "Kudu takwa anjeun kabéh kalawan takwa anu sabener-benerna takwa." (tingal QS. Ali Imron/3: 102)

Naon atuh takwa téh? Ari takwa nya éta ngajalankeun sadaya paréntah Alloh ogé ngajauhan balika ninggalkeun sadaya anu dicarék ku Alloh bari jeung didasaran mung karna Alloh (ikhlas).

Kanjeng Nabi Muhammad Saw. sasauran, "Kudu takwa anjeun kabéh di mana waé, iraha waé, jeung keur kumaha waé." Numutkeun éta kaol, mangka: ulah aya hiji tempat anu keur dicicingan; ulah aya hiji saah anu keur karandapan; ogé ulah aya hiji tingkah anu keur dipilampah kajaba sakabéhna kudu jadi takwa ka Alloh.

Lamun seug téa mah titajong kana kasalahan atawa kamaksiatan, mangka gura-giru midamel kasaéan: tobat ka Alloh ogé islah ka papada jalma. Harepan, pamugi Alloh ngahapunten sinareng nyamournakeun kana sagala rupi kahilapan sareng kakirangan urang salila hirup di dunia.

Atuh anu salajengna ogé anu terakhir, mudah-mudahan ku modal (ieu) takwa, Alloh baris maparin kabagjaan ka urang sadaya boh bagja di dunia atanapi jaga di ahérat. Aamiin

Komentar

Postingan Populer